Saturday, May 24, 2014

Dangding 7 Lapis Langit

Dangding
Tujuh lapis langit
Mawa seah cai hikmah
Dianteur simpena peuting
Waruga mapay cahaya
Sa’amparan bumi nyaksi
Sumujud tumut ka Gusti

Gunung ngajeuntul rumahuh
Sagara seah midangdam
Neuteup langit seumu nyeuri
Dimana kanjeung ayeuna
Beut meunggaskeun panghareupan
Kudu kasaha tumanya

Laku nyampurnakeun hirup
Ngageuro mawa hareupan
Lain keur diri sorangan
Waruga tumbal kaheman
Migusti diri ka diri
Nu boga kabe hareupan

Alam dunya semu rongkah
Seuneu nyongkab ngabebela
Nafsu gunung pananggeuhan
Beubeuneuran jadi paham
Teu kapanggih nu bogana
Teuing kamana inditna

No comments:

Post a Comment