Tuesday, November 13, 2012

Dangding Pangirut (Absurditas Malka)




DANGDING PANGIRUT
Absurditas Malka

Nu pangheulana karasa barang maca sajak-sajak Absurditas Malka nya éta: wirahma basana nu gumalindeng. Basa Sundana halimpu. Kalan-kalan ngagalura. Gumantung kana rasa waktu inyana ngolah jejerna. Oge, diksina enya-enya pinilih. Kosa kecap nu boa geus langka kapanggih dina kahirupan sapopoé, nyampak dina sajak-sajakna. Ti dinya, néma kana jejer-jejerna. Tétéla, jejerna ogé rupa-rupa pisan. Ti mimiti jejer cinta, tepi ka jejer perang nu geus langka kapanggih dina sajak-sajak Sunda kiwari, ciri yén pangarangna jembar ambahanana. Lian ti eta, tina olah basa jeung ngolah jejer-jejerna, kabaca yén sajak-sajakna téh hasil tina nyaimbangkeun pikiran jeung rarasaan. Maca ieu buku, uing asa maca rupa-rupa wanda sajak Sunda bihari jeung kiwari nu awor dina wanda pribadi pangarangna, jadi ciri nu mandiri. (Godi Suwarna)



No comments:

Post a Comment